ubuntu-l10n-su

Guideline page for Ubuntu Sundanese Translation



Loka Panarjamah Ubuntu Basa Sunda

Wilujeng Sumping

Kaca ieu nyadiakeun informasi sabudeureun kagiatan narjamahkeun Ubuntu kana basa Sunda jeung rupa-rupa palanggeranana. Sagala katerangan dina ieu kaca kalawan langsung atawa teu langsung bisa dipaké pikeun pituduh dina prosés narjamahkeun rupa-rupa istilah téhnis nu dipaké dina sitem operasi Ubuntu.

Kaca resmi pikeun para panarjamah Ubuntu Basa Sunda bisa ditingali di dieu: https://launchpad.net/~ubuntu-l10n-su.

Kasang Tukang

Tim panarjamah basa Sunda pikeun Ubuntu saméméhna kungsi dijieun dina kaca https://launchpad.net/~sundanese taun 2010, ngan hanjakal ku sabab itu-ieu, antukna teu kagéroh. Tuluy dina taun 2017 kuring nyobaan deui ngahirupkeun éta tim, ngan hanjakal deui, sawatara saratna teu kacumponan. Kakara taun ieu (2021) pasaratanana geus kacumponan.

Harepan diwangunna ieu tim nyaéta minangka loka pikeun réréongan ngalarapkeun basa Sunda kana widang téknologi. Situs publik saperti Wikipedia Basa Sunda nu geus dikokolakeun tiheula ku komunitasna téh minangka conto anu hadé pikeun gerakan réréongan ngamumulé basa Sunda dina dunya digital. Kitu deui sawatara dulur urang geus hasil narjamahkeun Firefox Rocket kana basa Sunda. Reueus pisan!

Ubuntu minangka sistem operasi nembrak, gedé pisan harepanana sangkan bisa dilarapan ku basa Sunda. Malah mah aksara Sunda ogé kiwari geus bisa dipaké ngetik dina Ubuntu saprak asup kana Standar Unicode. Kuring umajak ka dulur-dulur, hususna pamaké Ubuntu (jeung distro séjén turunanana) sangkan bisa ilubiung, réréongan, ngamumulé basa Sunda ku jalan narjamahkeun ieu sistem operasi.

Saha nu Narjamahkeun?

Anjeun. Enya, anjeun bisa milu réréongan narjamahkeun Ubuntu. Sanajan Anjeun teu boga kasang tukang pangatikan linguistik basa Sunda, sahenteuna anjeun ngarti basa Sunda jeung sacara intuitif (rarasaan) tangtu bisa narjamahkeun rupa-rupa istilah dina sistem operasi. Ulah salempang, teu kudu hariwang. Cobaan heula narjamahkeun. Upama anjeun manggihan kabingung, ulah asa-asa pikeun nanyakeun dina milis.

Upama anjeun boga pangalaman narjamahkeun atawa boga kasang tukang atikan jurusan basa atawa sastra Sunda, hadé pisan! Ieu minangka salah sahiji loka pikeun ngalarapkeun basa Sunda dina widang téhnologi. Anjeun bisa nulungan dulur-dulur séjén pikeun narjamahkeun, atawa mariksa tarjamahan séjén sangkan cop atawa merenah, luyu jeung kontéksna. Urang silih simbeuh pangarti, jeung silih asah pangabisa. Sangkan manfaatna kaala ku balaréa.

Naon nu Perlu Ditarjamahkeun?

Paket Inti (Core Packages)

Pakét inti teh dasar anu bakal dipaké dina sakumna sistem operasi Ubuntu. Aplikasi séjén anu teu kaasup di jero sistem operasi Ubuntu perlu ditarjamahkeun séwang-séwangan. Unggal vérsi Ubuntu miboga jumlah string anu teu sarua anu perlu ditarjamahkeun téh, tapi umumna mah kiwari aya leuwih ti 320.000 string jeung tuluy baé nambahan. Tingali salengkepna di dieu:

Aplikasi Saluareun Ubuntu

Narjamahkeun sistem operasi kana basa Sunda téh tangtu kudu dibarengan ku narjamahekun rupa-rupa aplikasi séjénna. Aplikasi-aplikasi anu dimekarkeun ti saluareun proyék Ubuntu perlu ditarjamahkeun dina loka séwang-séwangan. Upamana anjeun minat narjamahkeun Libre Office kana basa Sunda, anjeun bisa nuturkeun Pituduh Lokalisasi Libre Office.. Firefox Rocket malah mah geus ditarjamahkeun kana basa Sunda.

Upama anjeun aya minat narjamahkeun aplikasi séjén, hadé pisan. Éta ogé bakal ngarojong dipakéna basa Sunda dina aplikasi-aplikasi nembrak sangkan bisa dipaké dina Ubuntu atawa distro Linux séjénna.

Palanggeran Tata Basa

Aksara

Aksara anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sunda dina Ubuntu nyaéta aksara Latén, luyu jeung palanggeran umum pikeun basa Sunda kiwari. Kudu diperhatikeun bédana aksara é (éntog), e (embung), jeung eu (eunteung). Anjeun bisa ngaktifkeun keyboard kustom anu biasa dipaké ku anjeun, atawa bisa maké keyboard Sunda Latén ti Keyman.

Aksara Sunda (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) ogé bisa dipaké dina sawatara istilah pondok, bari dibarengan ku aksara Latén. Pikeun ngetikna bisa maké Keyboard Aksara Sunda Baku ti Keyman. Sangkan bener ngetikna, mangga baca heula pituduh ngetik aksara Sunda anu bener.

Éjahaan

Éjahan anu dipaké nyaéta pikeun basa Sunda kiwari (modéren). Sawatara contona bisa ditingali dina Palanggeran Éjahan Wikipédia Basa Sunda.

Ragam Basa

Ragam basa Sunda pikeun tarjamahan Ubuntu dipiharep maké basa loma, lain basa hormat (lemes). Ragam basa loma téh ilahar (umum) dipaké dina téks-téks tinulis formal, upamana dina buku-buku wedalan penerbit (Kiblat Buku Utama, Pustaka Jaya, Geger Sunten jrrd.), dina majalah basa Sunda (Manglé, Cupumanik, Pasundan, jrrd.), dina karya tulis ilmiah skripsi & tésis di jurusan/prodi basa Sunda di UPI Bandung, sarta skripsi di jurusan Sastra Sunda UNPAD, dina media citak/koran (Galura, Sunda Midang, jrrd.), ogé dina Wikipédia Basa Sunda.

Conto:

Tarjamah:

Upama anjeun mangmang kekecapan pikeun tarjamah basa Sundana, ulah asa-asa pikeun nanyakeun dina milis.

Istilah Téhnologi

Pikeun istilah-istilah husus dina widang téhnologi, nepi ka kiwari tacan aya standar pikeun basa Sunda. Saheulaanan mah bisa ngacu kana Panduan Pembakuan Istilah komputer dumasar Inpres No. 2 Tahun 2001. Tangtu baé kudu diluyukeun deui kana éjahan pikeun basa Sunda. Minangka babandingan, bisa ogé ningali daptar istilah nu dipaké dina Wikipedia Basa Sunda.

Pakakas Tarjamah

Kamus

Narjamahkeun kana basa Sunda hadéna mah luyu kana kamus basa Sunda. Ulah kumaha karep baé. Sangkan éjahanana bener jeung hartina merenah. Aya sawatara kamus anu bisa dipake ku urang, boh nu online boh nu offline (citak). Ieu di handap daftarna:

Tingali ogé sawatara kumpulan kamus basa Sunda anu bisa diakses online (di dieu).

Mesin Panarjamah

Aya sawatara wesbite atawa aplikasi anu nyadiakeun kamus atawa pakakas tarjamah otomatis kana basa Sunda. Hanjakal, tara kapaluruh sumberna acuanana. Gampang baé maluruhna mah, réa kacukcruk ku Google ogé. Eta website atawa aplikasi téh bisa dipaké pikeun narjamahkeun istilah-istilah basajan sapopoé, tapi keur istilah téhnis mah perlu dibahas deui jeung anggota grup panarjamah séjénna, atawa perlu dimoderasi sangkan teu salah harti atawa ambigu.

Mesin otomatis panarjamah Google versi basa Sunda bisa ogé dipaké. Ngan tetep kudu ati-ati ningali hasil tarjamahna, lantaran hasil tarjamahna biasana mangrupa kontribusi ti balaréa anu bisa waé bener tapi can tangtu merenah. Upama anjeun mangmang kana hasil tarjamahna, ulah asa-asa pikeun nanyakeun kana milis grup.

Pangrojong jeung Kontak

Upama anjeun manggihan bangbaluh dina prosés narjamahkeun, mangga kirimkeun talatah kana milis ubuntu-l10n-su@lists.launchpad.net, sugan baé aya baraya séjén anu bisa nulungan pasualan anjeun. Simkuring ogé tangtu moal asa-asa mairan.